cucu laelasari

biarlah malam menjadi puncak kata-kata tatkala terucap doa...

Alhamdulillah. . .fuji sukur ka Allah SWT, parantos dilaksanakeun riungan MGMP Basa Sunda Kab. Subang Salasa ping 27 Oktober 2009, di RM Kangen Raos Subang.Reugreug guru-guru Basa Sunda nu sumpingna rempeg, disumpingan ku Kabid dikmenjur Disdik Kab. Subang Pa H. Deden, pengawas Basa Sunda Pa H. Mei Nuryana, ketua Sanggar Pa Suhenda.Acara diseling ku mintonkeun rampak pupuh minangka pinunjul kahiji dina lomba apresiasi bahasa sareng sastra sawilayah II ti SMP 1 Jalancagak, pintonan maca sajak ti SMA 3 pinujul kahiji oge, anu baris makalangan di tingkat Jabar ping 30,31 nu bakal dongkap, mugi sukses nyandak ngaran Subang.
Dina riungan Cucu Laelasari salaku pupuhu MGMP Basa Sunda ngalaporkeun kagiatan nu tos dilaksanakeun boh mangrupa pelatihan guru Basa Sunda, Bintek kacapi,Peran aktip dina kagiatan nu patali jeung kasundaan, sareng kagiatan sanesna. Lian ti nu tos dilaksanakeun, MGMP Basa Sunda boga karep hayang ngalaksanakeun kagiatan sejen nu can bisa dilaksanakeun salila ieu di antarana pelatihan aksara Sunda, pelatihan tembang pipih, pelatihan kacapi di tingkat kabupaten, mudah-mudahan ka payunna tiasa kalaksanakeun. Sadaya kahayang jeung kagiatan moal laksana pami teu aya rojongan ti para guru, ku kituna saran nu sipatna tiasa ngawangun MGMP langkung majeng diantos pisan, hatur nuhun kana sagala rupi pangrojongna.
Ku teu disangka-sangka ti tadina, basa MGMP teh jebul Bah Renggo sareng rerencangan tokoh budaya nu oge pamaen sinetron, atuh riungan teh jadi rame, kawantu nu cumarios teh parigel pisan, maksadna mah umajak ka urang Sunda sadaya pikeun aub dina acara ruatan di palataran Wisma Karya wengi Jumaah ping 29 Oktober 2009, nu bade disumpingan ku tokoh-tokoh Sunda di antawisna Bp Solihin GP, Kang Acil Bimbo, sareng nu sanesna. Hadir yu . . .langka acara Sunda sapertos kitu teh.

0 comments:

Post a Comment