cucu laelasari

biarlah malam menjadi puncak kata-kata tatkala terucap doa...

Biarlah malam menjadi sahabatku, agar dalam gelapnya aku bisa melihatMu, dalam sunyinya agar aku bisa mendengarMu, dalam dinginnya agar aku bisa merasakan kehangatanMu, dan ku ucapkan do'a-do'a pengantar tidurku, sejak kau tak lagi meninabobokanku

Alhamdulillah. . .fuji sukur ka Allah SWT, parantos dilaksanakeun riungan MGMP Basa Sunda Kab. Subang Salasa ping 27 Oktober 2009, di RM Kangen Raos Subang.Reugreug guru-guru Basa Sunda nu sumpingna rempeg, disumpingan ku Kabid dikmenjur Disdik Kab. Subang Pa H. Deden, pengawas Basa Sunda Pa H. Mei Nuryana, ketua Sanggar Pa Suhenda.Acara diseling ku mintonkeun rampak pupuh minangka pinunjul kahiji dina lomba apresiasi bahasa sareng sastra sawilayah II ti SMP 1 Jalancagak, pintonan maca sajak ti SMA 3 pinujul kahiji oge, anu baris makalangan di tingkat Jabar ping 30,31 nu bakal dongkap, mugi sukses nyandak ngaran Subang.
Dina riungan Cucu Laelasari salaku pupuhu MGMP Basa Sunda ngalaporkeun kagiatan nu tos dilaksanakeun boh mangrupa pelatihan guru Basa Sunda, Bintek kacapi,Peran aktip dina kagiatan nu patali jeung kasundaan, sareng kagiatan sanesna. Lian ti nu tos dilaksanakeun, MGMP Basa Sunda boga karep hayang ngalaksanakeun kagiatan sejen nu can bisa dilaksanakeun salila ieu di antarana pelatihan aksara Sunda, pelatihan tembang pipih, pelatihan kacapi di tingkat kabupaten, mudah-mudahan ka payunna tiasa kalaksanakeun. Sadaya kahayang jeung kagiatan moal laksana pami teu aya rojongan ti para guru, ku kituna saran nu sipatna tiasa ngawangun MGMP langkung majeng diantos pisan, hatur nuhun kana sagala rupi pangrojongna.
Ku teu disangka-sangka ti tadina, basa MGMP teh jebul Bah Renggo sareng rerencangan tokoh budaya nu oge pamaen sinetron, atuh riungan teh jadi rame, kawantu nu cumarios teh parigel pisan, maksadna mah umajak ka urang Sunda sadaya pikeun aub dina acara ruatan di palataran Wisma Karya wengi Jumaah ping 29 Oktober 2009, nu bade disumpingan ku tokoh-tokoh Sunda di antawisna Bp Solihin GP, Kang Acil Bimbo, sareng nu sanesna. Hadir yu . . .langka acara Sunda sapertos kitu teh.


Ka mana purnama
 nu kungsi nyaangan mongklengna peuting
Nu kungsi mepende hate mangsa simpe
Cahyana mabra dina dada
Nyaliara kana rasa
Nyaliksik ati nu keur numpi
Seseleket kana hate nu geus rekep
Pageuh dina galeuh
Purnama nu cumarita
Nembrakeun rasa
Jungjunan purnama geus suda
Duka ka mana
Ngancik duka di mana
Dina hate… hate nu saha

                     Saung panyileukan 2008








Lir kalakay nu muguran
Pluk deui pluk deui
Lir taraje keur naek
Unggal hambalan ditincak
Lir keretas di buka unggal kaca
Pinasti geus ditulis
Bodas hideungna geus natrat
Teu bias nolak teu meunang embung
Apan urang geus sadrah narima kana kadar
Apan urang geus wakca rek satia



Saung panyileukan 2008

Kahayang mah metik bentang

Ngajul bulan jeung caangna

Diranggeum ngan keur anjeun

Wilujeng tepung taun jungjunan...

Ngan boga saranggeuy asih

Nu bisa dipetik ngan ku anjeun

Ngan boga sacangkewok hate

Keur ajeun ngancik

Ngan do’a nu kedal

Mugia apanjang apunjung






Saung panyileukan 2007